WANGUN KECAP BASA SUNDA

JENIS KATA/Warna Kecap

Warna kecap dina Basa Sunda diantarana :

1. Kecap Barang

    Kecap barang sabenerna ngarupakeun ” ngaran ti sakumna mahluk”

Contona ngaran :

a. Jelema

b. Sato

c. Tutuwuhan

Kecap barang aya dua rupa :

Nu nyata/konkret : – Jalma, Batu, Tangkal

Nu teu nyata/abstrak : – Kasieun, kalakuan, kumbaheun.

2. Kecap Pagawean

Kecap pagawean nyaeta sagala kecap anu mangrupa gerak laku mahluk/mangrupa kalakuan.

Contona : – Dahar, sare, ulin, nulis.

3. Kecap Sipat/kaayaan

Nyaeta kecap anu nerangkeun kaayaan atawa sipat

Contona : – Bangor, goreng, alus.

4. Kecap Gaganti (kecap sulur)

Nyaeta kecap nuduhkeun nu bogana, nyaeta :

ka 1 tunggal : kuring, abdi,

ka 2 tunggal : maneh, anjeun

ka 3 tunggal : manehna, anjeuna

ka 1 jamak   : kuring sarerea, abdi sadayana

ka 2 jamak   : maaneh, aranjeun

ka 3 jamak   : maranehanana, aranjeunanana

5. Kecap Bilangan

a. Anu nuduhkeun jumlah : – hiji, dua, tilu

b. Nuduhkeun tingkat       : – kahiji, kadua, katilu

6. Kecap Panyeluk

Biasana digunakeun pikeun ngedalkeun emosi atawa perasaan anu kuat, diantarana lamun  reuwas, nyeri, kaget, sumanget, contona :

hey ! halo ! ah !

aduh ! kurang ajar !

7. Kecap Panunjuk

Nunjuk nu deukeut : ieu

Nunjuk nu jauh : itu

8. Kecap Pangantet

Ngantetkeun dua bagian kalimah, nulisna di pisahkeun

Contona : di dapur, ka kota, kana mobil.

9. Kecap Panyambung

Nyambungkeun sababaraha omongan nepi ka jadi kalimah ngantet

Contona : jeung, terus, tuluy, lantaran.

10. Kecap Anteuran

Kecap nu sok marengan kecap pagawean malar leuwih anteb.

Contona : gek diuk, jol datang, bray caang, blug labuh, burusut ngising.

11. Kecap Sandang

Keur ngahormat : Sang ratu, Sang raja, Sang jendral, Hang tuah, Si geulis.

Keur sato : Sakadang kuya, Sakadang monyet, Sang kancil.

12. Kecap Panganteb

Keur mere tekenan kana omongan anu dipentingkeun, conto : Mila teh bageur, Mia mah teu bisa.

Keur nuduhkeun/ngantebkeun warna, contona : beureum euceuy (burahay), koneng enay (umyang), bodas ngeplak (nyacas)

13. Kecap Sawandana/Sinonim

Contona :

Beunghar = Sugih

Untung    = Mucekil

Pancen     = Tugas

Subur       = Makmur

14. Kecap Sabalikna/Antonim

Conto :

Nanjak    = Mudun

Tonggoh = Landeuh

Lega        = Heureut

Getol       = Ngedul

 

MORFOLOGI/Tata Wangun Kecap

Wangunan kecap aya 6 rupa :

1. Kecap asal                    4. Kecap memet

2. Kecap rajekan               5. Kecap wancahan

3. Kecap kantetan             6. Kecap rundayan

 

1. KECAP ASAL

Kecap asal nyaeta, kecap nu tacan diropea wangunna.

Contona : Sangu, bodas, lumpat

2. KECAP RAJEKAN

Kecap rajekan di antarana :

A. Dwipurwa.

B. Dwilingga

C. Dwisasana

D. Trilingga

 

A. Dwipurwa nyaeta, kecap nu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagian atawa sagemblengna. Engang nu mimiti disebut dua kali.

Contona :

Tetempo, cacabok, popolotot, jrd.

Dwipurwa nurutkeun hartina :

1. Lain nu boga lalakon : Bubuntut

2. Nuduhkeun barang nu siga : Sisiku, babantal

3. Nuduhkeun alat : Kakait, cocolok

4. Nuduhkeun kecap semu/samar : Pepetek, papago, ririwa

5. Nuduhkeun kecap abstrak : Papayung, bebenteng, kokojo

Dwipurwa ditambah rarangken: Bisa dirarangkenan ku rarangken “an” atawa “eun”. Nurutkeun hartina Dwipurwa dirarangkenan kabagi jadi 6, nyaeta :

1. Leuwih ti sakali : Seuseurian, gogorowokan, totonjeran

2. Barang tironan : Momobilan, paparahuan

3. Rupa-rupa : Bubuahan, kekembangan, pepelakan

4. Babagian badan : Mumuncangan, peupeuteuyan, cacariuan

5. Mindeng makena : Sasapedahan, kakaretaan

6. Asa/rasa : Singsireumeun, seuseuneuan

B. Dwilingga nyeta, nu dirajek sagemblengna kecap. Dwilingga aya 2, nyaeta :

1. Dwimurni : Kecap anu teu robah sorana

2. Dwireka   : Kecap anu robah sorana

Dwimurni contona :

– Nuduhkeun loba : Bangku-bangku, korsi-korsi

– Rupa-rupa, sarua sipatna : Amis-amis, haseum-haseum

– Lila milampahna : Mikir-mikir, nimbang-nimbang

Nuduhkeun siga : Siku-siku

– Nuduhkeun kahanjakal : Geulis-geulis, kasep-kasep

Dwireka contona :

– Nuduhkeun rupa-rupa : Unak-anik, babak-bubuk

– Leuwih ti sakali migawena : Luak-lieuk, tumpa-tempo

– Nuduhkeun leuwih ti hiji : Jul-jol, cug-ceg

C. Dwisasana nyaeta, kecap rajekan ngan nu dirajekna engang panungtung wungkul. Contona : Pudigdig, padugdug

D. Trilingga nyaeta, kecap nu disebutkeun tilu kali kalayan robah sorana. Contona : Dag-dig-dug, pak-pik-pek

3. KECAP KANTETAN

Kecap kantetan nyaeta, dua kecap atawa leuwih nu dihijikeun sarta miboga harti nu mandiri.

Kecap kantetan di bagi 2 :

1. Rakitan dalit, contona : Kacapiring, gandawesi

2. Rakitan anggang, contona : Sangu poe, dahar isuk

Nilik kana hartina kecap kantetan :

1. Nu satara (saharkat), conto : Kolot budak, gede leutik

2. Sinonim : Paksa pirusa, sugih mukti

3. Nuduhkeun bilangan : Dua welas, lima karung

4. Nuduhkeun babasan : Tiis ceuli, herang mata, laer gado

5. Nuduhkeun waktu : Salat peuting, dahar beurang

6. Nuduhkeun lantaran : Paeh ngajuru, meuli bogoh

7. Nuduhkeun di jieuna : Korsi hoe, peti beusi

8. Euweuh patalina : Panon poe, indung kesang

9. Nuduhkeun sipat : Bongkok meongeun, harigu manukeun

4. KECAP MEMET

Kecap memet nyaeta, kecap nu asalna tina hiji omongan, tuluy dicokot sawatara engangna nu dianggap penting, contona : Oncom di jero (comro), amis di jero (misro).

Tina kecap kirata, conto : Geksor, hartina gek diuk sor disuguhan.

5. KECAP WANCAHAN

Kecap wancahan nyaeta, kecap nu asalna meunang mondokeun tina sakecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, conto :

– Lantaran deudeuh : Geulis jadi Lis, eulis.

– Rusuh nyebutna/gancang : Atuhda jadi atuda, tuda.

– Ngaringkeskeun kecap kantetan : Sekolah Menengah Atas jadi SMA.

6. KECAP RUNDAYAN

Kecap rundayan nyaeta, kecap asal nu dirarangkenan. Rarangken aya 4 rupa nurutkeun cara nempatkeunana.

a. Rarangken hareup (prefiks) : m, n, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, ting, di, ka, mang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, pasa, silih, barang, contona : sabeulah, pangjajap, si godeg, jrd.

b. Rarangken tengah (infiks) : ar, al, um, contona : bareureum, galede, gumeulis, jrd.

c. Rarangken tukang (sufiks) : an, ana, eun, keun, ing, ning, contona : incuan, beurateun, alungkeun, jst.

d. Rarangken gabung (simulfiks) : pang-keun, di-keun, di-an, sa-eun, pi-eun, di-al-keun, pang-ar-keun, contona : Pangmesekeun, dialungkeun, jst.

Cara nuliskeun kecap rundayan, ditulisna diraketkeun jeung kecap asal, contona, di, ka : dialungkeun, dicabok, karasa, jrd.

di, ka nuduhkeun tempat, nulisna dipisahkeun jeung kecap asal, contona : di Bandung, di imah, ka sakola, jrd.

 

FONOLOGI

Tata sora atawa fonologi nyaeta elmu anu nalungtik jeung medar sora-sora basa atawa fonem-fonem (sora basa anu pangleutikna) katut makena sora basa. Fonem-fonem gunana keur ngabedakeun harti.

Dina basa sunda aya 2 fonem, diantarana :

1. Fonem vokal, contona: a,i,u,e,o,e(pepek) jeung eu.

2. Fonem konsonan (wilanjana), contona: b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, x, y, ng jeung ny. Aya oge fonem anu asalna tina kecap-kecap kosta (kecap asing) diantarana: f, q, v jeung z.

Basa sunda ngabogaan oge konsonan ngantet, nyaeta konsonan anu cicingna ngantet kalawan henteu diselapan ku vokal. Konsonan ngantet disebut kluster. Kluster bisa diwangun ku dua atawa tilu konsonan.  conto anu 2 konsonan:

mb : lambey

ngg : kanggo

nd : landong, jrd.

Conto nu 3 konsonan:

mpr : amprok

ngkr : jungkrang

mpl : tamplok, jrd.

Iwal ti konsonan aya deui vokal ngantet, nyaeta vokal nu cicingna ngantet kalawan teu diselapan ku konsonan. Vokal ngantet aya 2:

1. Vokal ngantet nu sarua (vokal nu ngantetna ngarendeng tur sarua). contona:

aa : caang

ii : tiis

uu : tuus

ee : heeh

eueu : heueuh, jrd

2. Vokal ngantet anu teu sarua (vokal nu ngantetna ngarendeng tapi vokalna teu sarua). Contona:

ai : cai

ui : muih

oa : moal

eua : teuas

ueu : bueuk, jrd.

Kecap-kecap dina basa sunda asalna tina 2 fonem, nyaeta fonem vokal (V) jeung fonem konsonan (K) anu ngarupakeun engang/suku kata.

Pola engang basa sunda asli aya 6, diantarana:

1. V : ieu, eteh, aya, jrd.

2. VK : abdi, ancin, gaang, jrd.

3. KV : kuda, batur, ngabiur, jrd.

4. KVK : batur, kasur, jrd.

5. KKV : praja, priya, gungclo, jrd.

6. KKVK : gampleng, gajleng, utrak, atrok, jrd.

Pola engang pangaruh basa asing (basa kosta) aya 3, diantarana:

1. KKVK : struktur, instruktur, jrd

2. KKVKK : tripleks, kompleks, jrd.

3. VKK : ekspor, onslah, jrd.

No comments: