LAGU KAULINAN BARUDAK SUNDA

Kaulinan Barudak Sunda nyaeta kaulinan anu biasa dimaenkeun ku barudak nu aya di wewengkon Tatar Sunda di daerah Jawa Barat. Aya dua rupa kaulinan, nyaeta kaulinan anu make kakawihan jeung kaulinan anu henteu make kakawihan.

1. Paciwit-Ciwit Lutung

Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhur

 

2. Punten

Punten mangga

Ari ca –gatot kaca

Ari ca–cau Ambon

Ari bon- bonteng asak

Ari sak – sakit perut

Ari ru – rujak asem

Ari sem – sempal sempil

Ari pil – pilem rame

Ari me – meja makan

Ari kan –kantong kosong

Ari song – songsong lampu

Ari pu –puak peok

Ari wok – wok delewok

 

3. Bangbang Kalima Gobang

Bang-bang kalima gobang..bang

Bangkong ditengah sawah…wah

Wahai tukang bajigur..gur

Guru sakola desa..sa

Saban poe diajar..Jar

Jarum patumpang tulis…lis

Lisung sagede halu…lu

Luhur kapal udara…ra

Ragrag di Jakarta…ta

Tahun opat puluh genep…nep

Nepi ka epit dames…mes

Mesin paranti ngaput..put

Putat paranti madang…dang

Kidang paranti nyate…te

Teang sawah koneng..neng

Nengkol ka jalan gede…de

Deon-deon anak Ma Onde

 

4. Ucang-Ucang Angge

Cang Ucang-ucang angge

Mulung muncang ka parangge

Digogog ku anjing gede

Anjing gede nu pa lebe

Ari gog, gog cungungung

 

5. Oray-orayan

Oray-orayan, luar leor mapay sawah.

Tong kasawah, sawahna keur sumedeng beukah

Mending ge ka leuwi, di leuwi loba nu mandi

Saha nu mandi? anu mandina pandeuri

 

 

No comments: