RUPA-RUPA JAJANAN URANG SUNDA. Kabeh jalma pasti ngarasa jaman nalika keur leutik adalah jaman pang ramena, sabab ulin bebas, teu kudu gawe, hayang jajan tinggal menta ka kolot.
1. Combro
Combro atawa comro mangrupikeun
kaeumaman khas ti Jawa Barat. comro didamel tina parudan sampeu nu dibentuk
buled atawa lonyong anu di lebeutna diisian ku sambel oncom teras digoreng. Ku
sabab kitu disebat comro nu artina oncom di jero. Kaeumaman iyeu leangkung raos
pami dituangna masih hanet keneh.
2. Karedok
Karedok mengrupikeun kaolahan khas
ti daerah Jawa Barat. Karedok ieu didamelna tina sabababaraha hiji sayuran anu bahan-bahan
na masih saleger keneh, tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang,
surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem,
gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun, tanpa aya proses
diasakan ku seuneu. sahingga kandungan gizi sareng seratna masih seer keneh.
Sae piken kasehatan.
3. Peuyeum
Peuyeum didameul tina sampeu anu difermentasikeun
nganggo ragi, proses ngadamelna dipeuyeum salama babaraha dinten dugika
sampeuna janten hipu, janten peuyeum anu tos siap dituang. Peuyeum iyeu kasohor
pisan di Jawa Barat jeung tos dikenal di saluruh tempat, ngawitan ti Jawa Barat
dugi ka Jawa timur. Peuyeum iyeu mangrupikeun oleh-oleh anu tos seueur diical
di mana-mana khususna di pusat oleh-oleh ti Jawa Barat, hargina oge terjangkau
tiasa dipeser kusaha wae. Janten pami kantos ameng ka daerah Jawa Barat kirang
apdol pami tacan nyandak atawa meser oleh-oleh peuyeum iyeu.
Peuyeum ketan, nyaeta kadaharan anu
dijieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna disepan (kukus) terus diragian,
sangges diragian tuluy dibungkusan ku daun waru atawa daun tisuk, lamun peuyeum
ketan biasana dibungkusna ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy disimpen
kira-kira 2 poe, nikmat didaharna dina wanci panas atawa tengah poe.
4. Misro
Misro didamelna tina sampeu anu
diparud nu di leubeutna diisian ku gula beureum atanapi gula aren kawung.
Salajeungna digoreng, dinamian misro kusabab singkatan tina "amis di
jero" bentukan buled hampir mirip sareung combro. pami comro lebetna
ngango omcom. Misro iyeu langkung sae sareng langkung nikmat pami dituangna
dina kaayaan haneut keneh.
5. Cireng
Cireng mangrupikeun jajanan khas
urang sunda, anu asalna tina campuran tipung kanji (aci sampeu). Cireng
mangrupikeun cemilan anu kasohor di daerah Priangan, tos diical dina sagala
bentuk sareung seueur pilihan rasana. Cireng dina zaman ayeuna mah tos seueur
panikmatna, mulai ti murangkalih sakola dugi ka pagawai kantoran. Nu asal
mulana diical di pinggiran jalan, ayeuna tos mulai aya di mol-mol. Ayeuna
cireng tos tiasa dipendakan di hampir sadaya panjuru nusantara.
6. Ali Agrem
Kueh tradisional ali agrem dijieun
tina adonan beas jeung santen sarta gula kawung (gula arén). Bentukna buleud,
tengahna bolong kawas ali (cingcin). Gedéna méh sarua jeung kuéh donat (rada
leuwih leutik). Rasana méh sarua jeung kuéh cuhcur jeung kuéh burayot. Ni'mat
saupama diopi atawa dicaneut jeung cikopi atawa cienteh haneut.
7. Apeum
Kadaharan apeum bahan dasarna tina
peuyeum sampeu. cara ngolahna ku cara disepan dina katel diwadahan kana loyang.
8. Awug
Kadaharan awug khas urang sunda dijieunna
tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna
krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos
henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu kusabab ngeunah
jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung. Awug ogé
bisa disebut tipung beas anu dilapis-lapis ku gula beureum, adonan tipung béas diseupan
bareung jeung gula beureum, daharna dibeulahan siga meulahan roti terus
dipurulukan ku kalapa parud.
9. Burayot
Burayot dijieun tina gula beureum
jeung tipung béas pinilih, bahan jeung rasa sarua jeung kadaharan khas daérah
lainna nyaéta ali agrem, tapi kusabab dijieunna bunder atawa ngaburayot,
numatak dibéré ngaran burayot. Dahareun ieu loba dijieun ku masarakat Garut
utamana Lélés, sabab bahanna gampang jeung rasana anu ni’mat.
10. Ceprus
Kadaharan ieu ayana ngan di daerah
kuloneun kota Garut. Ceprus nyaéta sampeu anu dibeuleum panas diasupkeun kana
gula beureum anu geus dipanaskeun (kinca), dahareun ieu kaasup langka sabab ngan
nyampak di tempat anu ngolah husus aya gula beureum asli tina tangkal kawung.
11. Cilok
Cilok nyaéta kadaharan asli ti
Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras
dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, bisa ogé uyah hungkul. Aya deui
istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi,
misalna: abon, sosis, gajih, urat, enog puyuh, jeung sajabana. Cilok biasa
didahar jeung sambel kacang sareng kecap.
12. Dodol
Dodol nyaéta jawadah nu liket jeung
dalit pisan. Dodol Garut mangrupa sala sahiji kadaharan tradisional sarta hiji
komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu
miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana.
Dodol Garut ogé geus kasohor kamana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu
sarupa ti daérah lianna. Industri dodol di Garut mimiti mekar ti taun 1926 ku
Ibu Karsinah ngaliwatan prosésna nu kawilang basajan pisan nu satuluyna terus
mekar nepi ka kiwari. Hal éta alatan:
- Ngabogaan rasa nu béda sarta miboga kaleuwihan dibandingkeun dodol ti daérah nu séjénna.
- Hargana murah bisa kahontal ku sakumna masarakat sarta mangrupa kadaharan nu kawilang dipikaresep ku masarakat.
- Cara nyieunna kawilang basajan sarta bahan-bahanna ogé gampang ditéanganana.
- Henteu ngagunakeun bahan pangawét jeung panambah kadaharan lian nu sipatna sintetis.
- Ngabogaan kakuatan nu kawilang lila kurang leuwih 3 bulan.
Ieu komoditi gampang pikeun
dimekarkeunana ku cara ngaréka bahan bakuna nya éta ngamangfaatkeun bahan lain
saperti waluh, kentang, kacang, gedang, ganas, sirsak jeung réa-réa deui. Salian
ti éta, pamaréntah daérah ogé milu ancrub dina pemasaran ngaliwatan
paméran-paméran, ogé ngaropéa kualitas produk dodol nu geus dipasarkeun.
13. Dodongkal
Kadaharan Dodongkal has ti Jawa Barat,
nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Dodongkal dijieun tina tipung beas dicampur
gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa. Ngasakanana nyaéta
diseupan, mun geus diseupan terus dipotongan pasagi, dipurulukan ku kalapa meunang
marud jeung wadahna ku daun cau. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didaharna
isuk-isuk. Biasana kadaharan ieu disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan,
jeung sajabana.
14. Katimus
Katimus nyaéta kadaharan has ti
daerah Jawa Barat, nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Katimus dijieun tina
parudan sampeu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa
anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau. Ngasakanana nyaéta diseupan
nepikakeun geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih
ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku Bajigur. Biasa kadaharan ieu disuguhkeun
dina acara tahlilan, muludan, jeung sajabana.
15. Papais
Hiji nami katuangan anu didamelna
tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin
mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis
mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa
cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit di tengahna, nu
ngajadikeun seungit kana papaisna. Papais amis jiga kieu, sering disebut oge
nagasari. Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat
nikah, nyunatan, tahlilan, muludan, rajaban, jeung sajabana. Tapi sok aya ogè
anu jualan èta katuangan, umumna mah nu sok masih kènèh ngadamelan èta papais
tèh ayana di pilemburan.
16. Rangginang
Rangginang mangrupakeun kadaharan
nu kasohor di Indonesia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa,
miboga kamonésan rangginang gumantung wewengkonna masing-masing. Rangginang
bisa didahar langsung, minangka susuguh keur semah boh di imah atawa di nukariaan,
atawa bisa oge keur dengeun sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun
rangginang didahar jeung cikopi.
17. Rujak
Kadaharan lada nu dijieun tina
rupa-rupa bung buahan ngora atawa beubeutian. Bung buahan jeung beubeutian nu
dijieun rujak biasana buah ngora, balingbing, bangkuang, jeng sajabanna.
Nyieunna mah kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan.
Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coet.
Rujak kawas kieu disebut rujak uleg. Ilaharna didahar pabeubeurang babarengan.
Aya ogé rujak nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutna babarit,
rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu, bungbuahan, jeung
beubeutian dibebek babarengan, disebutna rujak beubeuk.
18. Surabi
Surabi nyaéta olahan tina tipung
beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina
taneuh nu dipanaskeun maké suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom.
Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun. Aya ogé anu dicampur jeung
gula beureum maké cipati (santen). Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa
rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jeng nu sejena, ti éta, sok sanajan,
cara nyieunna mah sarua baé.
No comments:
New comments are not allowed.