PAHLAWAN TATAR SUNDA

RADEN DEWI SARTIKA

Ibu Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung. Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua. Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita, ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom, mun wanita juag.

Ti keur leutikna keneh geus katembong, yen Ibu Dewi ngabogaan sipatnu langka kapanggih di barudak awewe jaman harita: sajaba ngoprek jeung tetelepek, resep ka nu anyar-anyar, aya sumelap sipat-sipat pamingpin deuih. Ibu Dewi geblus disakolakeun ka sakola Walanda. Di sakolana Ibu Dewi kaasup kana murid maju, saregep jeung dipikaresep ku babaturanana,  anak-anak Walanda.

Sanggeus ramana pupus, Ibu Dewi diurus ku uana ti ibu, nya eta Patih Aria Cicalengka.  Didikan kaSundaan utama nu dihanca di kapatihan Bandung, diteruskeun di kapatihan Cicalengka.

Beuki gede beuki tembong bae, yen Ibu Dewi teh ngabogaan bakat pikeun ngatik barudak, sarta karep nu cengeng kana hayang maju. Di pipir gedong kapatihan anjeunna sok mindeng pisan sasakolaan, ngajar maca nulis ka anak-anak badega kapatihan, malah sakecap-kecapeun basa Walanda. Ari minangka borna panto kandang kareta, nulisna ku areng, minangka sabakna beubeulahan kenteng, nulisna ku areng deuih. Sanajan disebutna sasakolaan sarta ngajarna jeung dialajarna bari ulin, ku sabab aya topek bawa ngajadi di nu jadi guruna, teu burung aja hasilna: sababaraha urang anak-anak rencang nu barisaeun maca jeung nulis.

 

IR. H. JUANDA KARTAWIJAYA

Pa Juanda téh pituin urang Tasikmalaya, dibabarkeun kaping 14 Januari 1911. Ramana Radén Kartawijaya, ibuna Nyi Momot. Pa Kartawijaya téh guru HIS di Tasikmalaya, HIS (Hollands Inlandsche School) téh nyaéta sakola dasar tujuh taun pikeun putra ménak pribumi. Ari basa panganteurna ngagunakeun basa Walanda. Basa yuswana tujuh taun, Pa Juanda lebet ka HIS di Tasikmalaya. Nangingku margi ramana dialihkeun tugasna, janten Kapala (Mantri Guru) HIS Cicaléngka, Pa Juanda ogé ngalih sakolana ka Bandung. Henteu ka HIS deui ngalihna téh, tapi ka ELS (Europeesche Lagere School), nyaéta sakola dasar pikeun urang Éropa. Pa Juanda mah kaasup murid anu pinter, malah di kelasna mah kaasup pang pinterna. Ku pinter-pinterna Pa Juanda, ti kelas 5 téh langsung naék ka kelas 7.

Satamatna ti ELS, Pa Juanda neraskeun ka HBS, nyaéta sakola menengah pikeun bangsa Éropah. Pa Juanda ditarima di HBS Bandung taun 1924. Pa Juanda bisa ditarima di éta sakola, lantaran niléy hasil ujianana alus pisan, babakuna pangajaran ngitung jeung basa Walanda, sarta meunang katerangan anu hadé tiguruna. Satamatna ti HBS, Pa Juanda neruskeun kuliah ka THS (TechnischeHogeschool Bandung), anu ayeuna jadi Institut Téknologi Bandung (ITB). Harita mah carang pisan bangsa urang anu bisa neruskeun sakola ka THS téh. Komo deui ieu, Pa Juanda mah aya onjoyna, meunang béasiswa ti pamaréntah. Beu, kacida banggana atuh alam harita mah.

Bérés kuliah, Pa Juanda mulih ka Cicaléngka. Teras nikah sareng Bu Yuliana, salasawios guru HIS Cicaléngka. Boh Pa Juanda boh Bu Yuliana, sami-sami putra mantri guru HIS. Rumah tanggana éstu runtut-raut. Nya kagungan putra lima: istri opat, pameget hiji.

No comments: