BABASAN jeung PARIBASA SUNDA

“Babasan sareng paribasa sunda teh mangrupi buktos kabeungharan kecap basa sunda. Dina ungkara basa anu saeutik patri, tur umumna murwakanti, tiasa kagambar angen-angen, adat cahara, sareng palasipah urang sunda enggoning hirup kumbuh“ (Adang S, Pupuhu Caraka Sundanologi)

Babasan jeung Paribasa Sunda nu umum digunakeun dina kahirupan sapopoe urang Sunda, diantarana:

  1. Atah anjang = langka silih anjangan
  2. Adigung adiguna = takabur, sombong
  3. Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
  4. Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
  5. Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
  6. Alak paul = jauh pisan
  7. Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
  8. Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
  9. Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
  10. Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
  11. Amis budi = hade paroman
  12. Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
  13. Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
  14. Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
  15. Amis daging = babari katerap panyakit
  16. Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyarieun batur
  17. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
  18. Agul ku payung butut = agul ku turunan
  19. Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
  20. Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
  21. Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
  22. Birit aseupan = teu daek cicing
  23. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
  24. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
  25. Beurat birit = hese dititah
  26. Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
  27. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
  28. Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
  29. Bilatung ninggang dage = bungah pisan
  30. Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
  31. Badak cihea = degig
  32. Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
  33. Babalik pikir = insap
  34. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
  35. Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
  36. Buntut kasiran = medit
  37. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
  38. Bodo kawas kebo = bodo kacida
  39. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
  40. Bancang pakewuh = pikasusaheun
  41. Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
  42. Bulu kapaut = kabawa ku batur
  43. Balabar kawat = beja nu sumebar
  44. Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
  45. Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
  46. Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
  47. Cueut ka hareup = tereh maot
  48. Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
  49. Disakompet daunkeun = disamarutkeun
  50. Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
  51. dogdog pangrewong = acara panambah
  52. Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
  53. Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
  54. Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
  55. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
  56. Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
  57. Gantung denge = masih dedengeeun
  58. Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
  59. Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
  60. Garo mengmengan = taya kasabaran
  61. Galegeh gado = sagala dicaritakeun
  62. Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
  63. Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
  64. Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
  65. Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
  66. Getas harupateun = gancang napsu
  67. Gindi pikir belang bayah = goreng hate
  68. Hampang birit = daekan kana gawe
  69. Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
  70. Heuras genggerong = omonganana sugal
  71. Hade gogog hade tagog = jalma sopan
  72. Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
  73. Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
  74. Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
  75. Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
  76. Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
  77. Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
  78. Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
  79. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
  80. Heureut pakeun = kurang kaboga
  81. Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
  82. Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
  83. Inggis batan maut hinis = paur pisan
  84. Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
  85. Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
  86. Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
  87. Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
  88. Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
  89. Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
  90. Kurung batok = tara indit-inditan jauh
  91. Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
  92. Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
  93. Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
  94. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
  95. Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
  96. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
  97. Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
  98. Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
  99. Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
  100. Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
  101. Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
  102. Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
  103. Kawas gaang katincak = jempe
  104. Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
  105. Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
  106. Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
  107. Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
  108. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
  109. Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
  110. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
  111. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
  112. Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
  113. Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
  114. Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
  115. Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
  116. Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
  117. Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
  118. Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
  119. Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
  120. Kawas merak = beuki kana cengek
  121. Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kulimis
  122. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
  123. Leuleus awak = daekan
  124. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
  125. Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
  126. Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
  127. Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
  128. Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
  129. Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
  130. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
  131. Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
  132. Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
  133. Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
  134. Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
  135. Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
  136. Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
  137. Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
  138. Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
  139. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
  140. Miyuni tai = loba nu mikangewa
  141. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
  142. Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
  143. Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
  144. Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
  145. Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
  146. Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
  147. Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
  148. Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
  149. Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
  150. Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
  151. Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
  152. Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
  153. Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
  154. Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
  155. Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu dipirosea
  156. Ngeplek jawer = taya wawanen
  157. Ngadaun ngora = jadi rame
  158. Nyoo gado = ngunghak
  159. Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
  160. Ngadu geulis = paalus-alus
  161. Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
  162. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
  163. Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
  164. Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
  165. Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
  166. Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
  167. Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
  168. Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  169. Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
  170. Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
  171. Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
  172. Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
  173. Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
  174. Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
  175. Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
  176. Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
  177. Panjang leungeun = sok daek puak-paok
  178. Panjang lengkah = jauh panyabaanana, loba pangalamanana
  179. Pindah pileumpangan = robah adat
  180. Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
  181. Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
  182. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
  183. Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
  184. Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
  185. Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
  186. Rea ketan rea keton = taya kakurang
  187. Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
  188. Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
  189. Sisit kadal = goreng milik
  190. Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
  191. Saur manuk = ngajawab bareng
  192. Sieun meubeut meulit = sieun kabawa-bawa
  193. Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
  194. Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
  195. Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
  196. Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
  197. Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
  198. Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
  199. Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
  200. Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

 

No comments: