Sunday, September 20, 2020

Ngamumule Basa Sunda

Unggal bangsa di dunya tangtuna boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun nyambungkeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup sapopoe. Kukituna basa mangrupakeun ciri mandiri hiji suku atanapi hiji bangsa.

Basa Sunda jeung budaya Sunda raket pisan hubunganna, teu bisa dipisahkeun jadi sewang-sewang. Di daerah tatar Sunda, basa Sunda mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, alat komunikasi masyarakat daerah tatar Sunda. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun budaya Sunda diantarna ku jalan ngamumule basa Sunda. Saha deui anu bakal miara, ngajaga hirup-huripna, ngariksa basa Sunda iwal ti urang sadayana. Ulah nepi ka urang Sunda teu wawuh kana basa Sunda.

Ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, khususna para rumaja.

Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan utamana di Jawa Barat.

Kusabab kitu, sairing sareng pamaksadan di luhur, keur ngalengkepan rupa ragam basa Sunda, di blogger iyeu dibéréndélkeun rupa-rupa nu aya di urang Sunda, basa jeung budaya. Béréndélan téh meunang ngoréhan ngumpulkeun tinu nyebar dina dunia maya, boa tacan kabéh kapanggih ku kituna bisi aya nu kaliwat éta mah ngkena ditambahkeuneun deui.

Tampilan blog didamelan saderhana supados langkung gampil dina nganapigasi sareng ngapdet eusi sacara rutin numutkeun jejer anu ayeuna. Upami aya nu peryogi materi tambahan, mangga ngahubungi simkuring ngalangkungan email: sahate.sadudulur@gmail.com supados simkuring tiasa nambihan matéri na dina blog sareng tiasa diaos ku sadayana anu peryogieun.

Basa Sunda teh milik urang sarerea, milik urang Sunda, milik Nagara Indonesia.

Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang,.. khususna para rumaja.