PARIBASA SUNDA

Paribasa mangrupikeun rangkay kecap salaku pasemon paripolah anu ngagaduhan hartos kiasan anu jelas. Kecap dina paribasa Sunda biasana langkung seueur atanapi langkung panjang upami dibandingkeun sareng babasan.

Paribasa Sunda sareng hartosna nu dimimitian ku hurup A.

Abang-abang lambé = alus omongan ukur dina biwir wungkul, henteu sarua jeung dina haté.

Abis bulan abis uang = béak bulan béak gajih, pas-pasan teu nyesa keur bulan hareup.

Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan = ngomong sakarepna atawa ngomong jangji engab tanpa dipikirkeun akibatna.

Adam lali tapel = poho ka dulur, baraya jeung ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga = adat anu hese dirobah, geus ngadarah daging.

Adean ku kuda beureum = ngarasa ginding ku pakéan batur atawa gaya ku barang batur, lain milik nu sorangan.

Adigung adiguna = asa aing leuwih ti batur, sombong, ngarasa diri lewih unggul ti batan nu lain.

Adu telu ampar tiga = musyawarah dina urusan pengadilan atawa jual beli.

Agul ku payung butut = sombong, agul ku turunan atawa ku barang anu teu sapira.

Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan umurna.

Aku-aku angga = ngaku-ngaku barang atawa pagawéan meunang batur.

Alak-alak cumampaka = hayang jeung resep dipuji ku batur, ngarasa pangpunjulna ti batur atawa anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

Along-along bagja = teu tulus meunang bagja.

Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna = Allah mah moal mihak ka jalma nu boga dosa.

Alus laur hade omé = alus dedeg pangadegna, badanna alus.

Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh, teu mampu nyalurkeun kahayangna.

Ambekna sakulit bawang = babarian pisan ambek, jeung mun geus ambek tara sakeudeung.

Anak dua keur gumunda = awéwé nu karék boga dua anak mah loba lalaki téh barogoheun.

Anak hiji keur gumeulis = awéwé nu kakarék boga budak hiji, katempona sok beuki geulis waé.

Anak merak kukuncungan = sipat-sipat budak utamana sipat nu hadé éta téh nurun ti kolot.

Anak tilu keur kumusut = atawa awéwé nu geus boga anak tilu nu teu bisa ngurus dirina.

Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain nu moal kalaksana, mikahayang perkara nu moal kasorang.

Anjing nyampeurkeun paneunggeul = ngadeukeutan pibahayaeun, nyampeurkeun nu rék nyiksa, ngarogahala, atawa nganyenyeri.

Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan = mupuas kanu keur cilaka, kanu keur boga musibah.

Anu burung diangklungan, anu gelo didogdodan, anu edan dikendangan = anu gede wadul dihaminan supaya leuwih maceuh.

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna = naon wae nu mere hasil ka urang kudu diurus atawa dipiara bener-bener.

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed = geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora.

Asa aing uyah kidul = sombong, boga rasa pangbisana atawa pang punjulna.

Asa bucat bisul = asa lesot tina urusan gede, beres tinu pagawean, masalah atawa beban nu sulit.

Asa dijual payu = nguyung pedah ngarasa sorangan di pangumbaraan jauh ti indung bapa.

Asa dina pangimpian = teu percaya kana kaayaan nu karandapan.

Asa dipupuk birus = ngarasa tibra haté, tenang jeung bagja.

Asa ditonjok congcot = meunang kabungah anu teu diarep-arep.

Asa ditumbu umur = boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna.

Asa euwuh beungeutan = kacida pisan érana.

Asa kabur pangacian = kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget.

Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana nu luar biasa.

Asa katindihan langit = geus euweuh harepan.

Asa mobok manggih gorowong = kabeneran aya jalan keur ngahasilkeun maksud atawa usaha nu keur dipaju.

Asa kiamat = pohara sedihna jeung susahna nu luar biasa.

Asa nanggeuy endog beubeureumna = kacida nyaahna.

Asa nyanghulu ka jarian = teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.

Asa peunggas rancatan = leungiteun batur nu sok nalang babantu dina pagawéan.

Asa potong leungeun katuhu = leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna atawa leungiteun jalma nu dipercaya.

Asa rawing daun ceuli = mindeng ngadéngé omongan anu henteu ngeunah.

Asa teu beungeutan = ngarasa éra anu pohara luar biasa na.

Asa tungkeb bumi alam = asa kacida bingungna, keur poék mongkléng pipikirana.

Ateul dampal leungeun = gereget hayang nyabok atawa nampiling.

Ati mungkir beungeut nyinghareup = palsu, siga sono tapi henteu, siga resep tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Ati putih badan bodas = beresih haté, taya geuneuk maleukmeuk, taya kangewa atawa benci.

Atung enéh atung enéh = kitu-kitu kénéh atawa euweuh parobahan.

Aub payung, sabet sapon, sabasoba = wewengkon, ngeunaan tanah.

Awak kawas badawang = jangkung gedé teu matut.

Awi sadapuran tara lempeng kabéh = sanajan saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.

Awéwé dulang tinandé = awéwé nurutkeun kahayang salaki.

Awéwé mah tara cari ka Batawi = awéwé mah tara nyiar kipayah.

Aya astana sajeungkal = hal nu mustahil oge bisa kajadian.

Aya bagja teu daulat = rek meunang bagja atawa untung teu tulus.

Aya cukang komo meuntas = kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.

Aya dina sihung maung = jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.

Aya disihung maung = loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya gantar kakaitan = aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas atawa aya perkara nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.

Aya jalan komo meuntas = aya lantaran anu diarep-arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun, pas aya kahayang kabeneran aya anu ngajak atawa eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

Aya jodo pakokolot = bisa ngajodo sanggeus papada kolot.

Aya jurig tumpak kuda = aya milik anu teu disangka-sangka.

Aya kélong néwo-néwo = aya anu ngusutkeun (ngarorocét), padahal geus bérés pisan tadina mah.

Aya nu dianjing cai = aya nu diarep-arep atawa digeroan.

Aya pikir kadua leutik = aya kahayang.

Aya hate kadua leutik = miboga kahayang anu teu kedal.

Aya pikir kapingburi = aya kahayang anu timbul pandeuri atawa sanggeus lila ditimbang-timbang asal teu hayang jadi hayang.

Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang = kaayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihukum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasalahanana teu dihukum.

Ayakan tara meunang kancra = nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.


Paribasa Sunda sareng hartosna nu dimimitian ku hurup B

Babon kapurba ku jago = awéwé kudu nurut ka salaki.

Bali geusan ngajadi = lemah cai tempat kalahiran.

Balung kulit kotok meuting = teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan = rido, iklas, suka pisan, taya bendu sakedik pisan.

Banda sasampiran, nyawa gagaduhan = ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang, sagala saukur titipan.

Banda tatalang raga = lamun urang papanggih jeung karerepet, upamana gering ulah lebar ngajual barang nu aya pikeun ngubaran awak sangkan cageur.

Banteng ngamuk gajah meta = kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.

Batan kapok kalah gawok = lain eureun tapi kalah beuki maceuh atawa kalah deudeuieun.

Batok bulu eusi madu = tumiba lain kana pitempateunana, teu pantes.

Batok kohok piring semplék = parabotan nu euweuh hargana.

Batu turun keusik naék = cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daék, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.

Batur ngaler ieu ngidul = teu sarua jeung nu keur diomongkeun ku batur.

Bau-bau sinduk = baraya kénéh sanajan laér/jauh hubungan kaluwarga.

Béak ka lebu-lebuna = ledis, harta benda teu nyesa saeutik-eutik acan.

Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai = lubak-libuk harta tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna.

Beuheung teukteukeun suku genteng belokeun = sadaya-daya rek dikumaha oge pasrah dumasa boga kasalahan.

Béja mah béja = béja nu tacan kabuktikeun benerna ulah waka dipercaya.

Belang bayah gindi pikir = boga pikiran goreng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok = babarengan dina sagala kaayaan, sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang = kabisana ngan nitah, teu daék prak digawean ku sorangan.

Beungeut nyanghareup ati mungkir = naon nu diucapkan henteu terus jeung haté.

Beunghar méméh boga = loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan atawa kaboga dirina.

Beurat nyuhun beurat nanggung = pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunnana = kacida narimakeunana kana kahadéan batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.

Beuteung mutiktrik berekat meunang = dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.

Beuteung si éta mah ruas bungbas = teu aya kaseubeuhan.

Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar = jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.

Bilatung ninggang dagé = bungah, bagja pisan.

Bilih aya turus bengkung = bisi salah pokpokanana.

Bisa ka bula ka balé = bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, bisa kaditu kadieu atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes.

Bisi aya ti cai ti geusan mandi = bisi aya nu kasigeung atawa katoél mamaras rasana.

Biwir nyiru rombéngeun = resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban/rusiah boh nu sorangan boh nu batur.

Biwir sambung lémék, suku sambung léngkah = henteu milu kana tanggung jawabna mah, ngan ieu mah saukur nepikeun duméh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

Bluk nyuuh blak nangkarak = kabina-bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

Bobo sapanon carang sapakan = aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobot pangayun timbang taraju = kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan.

Boga pikir rangkepan = henteu bolostrong atawa henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.

Bodo kawas kebo = bodo kacida.

Boga sawah saicak = boga sawah saeutik.

Boga saku dua = waspada teu babari kabobodo.

Bojo dénok sawah ledok = hirup senang lantaran boga pamajikan tegep, geulis jeung banda cukup.

Bonténg ngalawan kadu = nu leutik ngalawan nu gedé.

Borangan ku surak = éraan dina gempungan jalma réa.

Bosongot badé amprotan = beungeutna pikagigiseun, pikagimireun, pasemon jagoan.

Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah = jalma beunghar loba harta di mana-mana.

Buah ragrag moal jauh tina tangkalna = sipat anak moal jauh tina sipat kolotna.

Bubu ngawaregan cocok = méré naséhat atawa nyieun aturan anu nguntungkeun sorangan.

Buburuh nyatu diupah béas = nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budak bau cikur = nyaeta budak keneh anu can nyaho nanaon.

Budak bau jaringao kénéh = budak can aya kanyaho, budak olol-lého.

Budak keur meujeuhna bilatung dulang = budak keur meujeuhna daék barang dahar.

Budak kamari sore = budak leutik keneh can dewasa.

Budak olo lého = budak anu can aya kanyaho.

Budak rodék hulu = budak can aya kanyaho.

Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah = ari goloyoh kawas santri tapi sok ceceremed.

Buluan belut, jangjangan oray = pamohalan kajadian.

Buncir leuit loba duit = beunghar sagala boga taya kakurangna.

Bubur beureum buburr hideung, hurung nangtung siang leumpang = ginding loba pakéan anu aralus dipaké.

Buruk-buruk papan jati = hadé goréng ogé dulur sorangan.

Burung palung dulur sorangan = sanajan ngéwa/keuheul/pikakeuheuleun oge da dulur sorangan dimana meunang karerepet mah moal ngantep.


Paribasa Sunda sareng hartosna nu dimimitian ku hurup C.

Caang bulan dadamaran = migawé hal nu teu perlu deui.

Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan = rido pisan teu goreng hate.

Caang padang narawangan = caang pisan atawa bisa nénjo ku panon batin ka tempat gaib.

Cacah rucah atah warah = dianggap taya ajenna, harga diri, sarta bodo.

Cadu mungkuk haram dempak = sumpah anu bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.

Cadu ngalantung ka lisung = awéwé henteu daék buburuhun.

Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo = sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering.

Cai di hilir mah kumaha ti girangna = rahayat leutik mah sok nyonto kalakuan pamingpinna.

Caina hérang laukna beunang = hasil pamaksudan ku cara lantip bari teu aya pacengkadan, masalah.

Campaka jadi direuma = nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian.

Cangkir emas eusi delan = omonganana mah alus matak percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya.

Cara bueuk meunang mabuk = ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra tawa sieun.

Cara gaang katincak = jempling pisan.

Cara hurang, tai ka hulu-hulu = bodo kacida.

Cara jogjog mondok = carékcok baé, gandéng naker.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung = pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket = taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh.

Cicing dina sihung maung = jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang,  deukeut jeung gegeden.

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok = ku leukeun mah nu hese oge lila-lila jadi bisa, sanajan bodo oge ari leukeun diajar mah lila-lila oge bisa.

Cilaka dua belas = cilaka gede atawa cilaka anu pohara.

Cileuncang mandé sagara, cécéndét mandé kiara, hunyur nandéan gunung = nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi cara sadésa = béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak hérang = kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Congo-congo ku amis, mun rék amis gé puhuna = anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.

Cueut ka hareup = geus kolot, téréh maot.

Cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng = pilih kasih atawa teu adil.

Cukang tara néangan nu ngising = nu butuh nu kudu datang nyampeurkeun.

Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa = jauh ka dulur, jauh ka baraya, jauh ka sasaha.

Cukup belengur baraga naya = resep méré atawa mantuan ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.

Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun gawé matuh lantaran migawe pagawéan séjén nu teu aya hasilna.

Cécéndét mandé kiara cileuncang mandé sagara = nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.


Halaman Saterasna: 1 2 3 4 5

No comments: