TARI JAIPONGAN
Jaipongan nyaéta hiji seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisional nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeung Karawang.
a. Sajarah
Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari ketuk tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan
mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif dina seni
pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan
Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi,
Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan, Bajidoran nu pola
tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk
Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna
di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng
Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi
(Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung
sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha
gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng
Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.
Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut
Ketuk Tilu Kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran
tina Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir
ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna
tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.
b. Kamekaran
Karya
jaipongan munggaran nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus
Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun
jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu
mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel. Awal mucunghulna ibing
ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur
vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai
dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980
dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu
nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu
diayakeun ku swasta jeung pamarentah.
Hadirna
Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih
aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari
Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus
tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah,
dimana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari
minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa
grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Barat, contona di Subang jeung
Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).
Ciri
Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget,
spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari
dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan
anu aya di Bandung, aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina
seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina
Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana,
Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung
Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal
atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu
sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot
para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah
jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton
(bajidor).
Perkembangan
saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum
Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug,
Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina
tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu terkenal.
Kiwari
tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas kesenian Jawa Barat, hal ieu
kasampak dina sawatara acara-acara penting anu patali jeung sémah ti nagara
deungeun anu datang ka Jawa Barat, mangka dipapag ku pintonan tari Jaipongan.
Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca nagara sok dilengkepan ku tari
Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan kasenian-kasenian balaréa séjén anu
aya di Jawa Barat, boh dina seni pintonan wayang, degung, genjring/terbangan,
kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan rahayat boh dina musik dangdut
modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi kasenian Pong-dut.
No comments:
New comments are not allowed.