NGARAN PARABOTAN

Dina kasempetan ieu kuring nyobian nyusun parabotan nu aya di imah supados masarakat Sunda khususna sareng umumna masarakat luar terang kana sagala rupa parabotan anu sering dianggo ku masarakat Sunda, sareng henteu saƩ upami urang Sunda na nyalira bahkan henteu terang kana ngaran-ngaran parabotan nu aya di sakitar imah sareng kagunaanna.

PARABOTAN DAPUR TINA ANYAMAN

  • Tolombong = Wadah bangsal,atawa hasil palawija
  • Dingkul = sagedeeun tolombong
  • Gebog = dingkul gede paranti wadah pare
  • Cecempeh = nyiru leutik paranti moekeun lauk asin
  • Nyiru = paranti napikeun beas beunang nyosoh
  • Tampir = nyiru gede paranti moekeun bangsal, sisikian
  • Besek = paranti wadah dahareun dina hajatan
  • Tingkem = paranti wawadahan upama nyanyabaan (kikiriman)
  • Sumbul = wadah sangu
  • Sumbul garitung = sumbul gede anu aya gantunganana (wadah kadaharan)
  • Tetenong = wadah kadaharan
  • Pangangen = paranti (tempat ngakeul)
  • Ayakan = parantingalo huut lemes
  • Ayakan gede = paranti nyieun opak
  • Cecenting = boboko leutik kaulinan barudak
  • Boboko = Paranti wawadahan (sangu, balanjaan oge sok dipake ngisikan)
  • Pasegan = said kapalang
  • Said = boboko gede
  • Totolonto = wangunna saperti tolombong (wadah timbel)
  • Aseupan = paranti nyangu
  • Hihid = paranti ngageberan waktu ngakeul
  • Rombong = wawadahan keur ngala buah
  • Piruruhan = wadah runtah
  • Carangka = paranti wadah jukut
  • Rinjing = paranti balanja ka pasar
  • Cireung = rinjing anu anyamanana carang dijieun tina hoe

PARABOTAN DAPUR TINA GARABAH :

  • Pariuk = paranti ngangeun
  • Jajambaran = tempat kukumbah
  • Anglo = hawu leutik paranti ngaliwet, naheur cai.
  • Keren = panti nyieun surabi (anglo leutik)
  • Kekeb = paranti nutupan sagu dinaaseupan
  • Cowet = paranti nyambel, ngarujak, ngalotek .
  • Pependil = parandi ngaliwet
  • Gentong = wadah cai
  • Paso = saleutikeun jajambaran
  • Mutu/gegerus = paranti ngarendos bumbu.

PARABOTAN DAPUR TINA KAYU JEUNG TI NU SEJENNA :

  • Seeng = panti nyangu make aseupan
  • Anglo = paranti ngayak tipung
  • Gerengseng = paranti nyieun dodol/wajit (tina tambaga)
  • Halu = paranti nutu
  • Kele = paranti ngala cai
  • Siwur = paranti nyiuk cai
  • Canting = siwur leutik tina awi
  • Sinduk = paranti nyiuk angeun (tina batok kalapa)
  • Koja = wawadahan tina jarring
  • Kaneron = kantong tina hoe anu bias dicangklek
  • Jojodog = paranti diuk bari nagog
  • Dingklik = jojodog jangkung keur diuk waktu gogoreng
  • Talenan = Paranti ngahiris bawang atawa bumbu liana
  • Cakil/cangklek = paranti ngagantungkeun siwur, ngaitkeun boboko
  • Teko = paranti wadah cai pikeun nginum
  • Poci = teko leutik
  • Meno = cangkir leutik taya gagangan
  • Paraseuneu = tempat nyimpen bibinihan luhureun hawu
  • Kawali = paranti gogoreng
  • Dongdang = wadah kadaharan(digotong) anu geus asakkeur ondangan
  • Bokor = tempat bubuahan tina tambaga
  • Tampolong = tempat ngaluah (anu nyeupah)
  • Paidon = I d e m
  • Padaringan = tempat nyimpen beas
  • Goah = ruangan leutik paranti nyimpen beas atawa tempat ngukus
  • Kati = paranti nyiuk beas tina batok kalapa
  • Kacip = pameulahan jambe (saperti gunting)
  • Cewo = Wadah apu pikeun ngalemar
  • Loloco = paranti ngaloco lemareun (biasa tina tambaga/kuningan sari)
  • Ulakan = pikeun ngageleng jenggel keur nyieun opak
  • Songsong = paranti niup seuneu di hawu
  • Cempor = dammar leutik (make minyak tanah)
  • Damar = pikeun nyaangan di dapur (make minyak tanah)
  • Delepak = paranti nyaangan make minyak suuk
  • Peso = paranti keukeureut olahan di dapur
  • Abir = peso gede paranti motongan daging
  • Dulang = paranti ngarih atawa ngakeul tina kayu
  • Keda = paranti nyimpen sangu tina kayu nari aya tutupna
  • Giribig = sabangsa bilik tapi dianyam rarekep keur moe bangsal (pare)
  • Sendok
  • Garpuh
  • Gelas
  • Panci
  • Korsi
  • Elap
  • Tatakan = alas gelas
  • Talenan = alas motong daging, lauk, sayuran
  • Rantang
  • Bogem = rantang nu lewih gede
  • Asbak
  • Popoean = jemuran
  • Lomari = lemari
  • Peso = pisau
  • Bantal
  • Guguling
  • Eunteung = cermin
  • Simbut = selimut
  • Meja
  • Kulkas/Lomari Es
  • Lampu
  • Sabun
  • Odol
  • Mangkok
  • Ember
  • Jolang
  • Kamoceng
  • Coet = uekan, cobek
  • Mutu = pangulek dina coet
  • Sapu
  • Taplak
  • Parudan
  • Termos
  • Toples
  • Siwur/gayung
  • Anduk = handuk
  • Katel = wajan
  • Kompor
  • Gunting

PARABOTAN DI KEBON

  • Arit. = Parabot paranti ngala jukut/Pare (rumput/padi)
  • Aseuk = paragi ngaseuk
  • ancun = paragi ngakut Es kacang
  • Balincong = Paragi Nugar
  • Baliung = pakakas anu bisa dijieun Patik/rimbas
  • Bandring ( Ketepel) = paranti maledogkeun Batu
  • bedog ( Golok) = paranti Ngadek
  • Congkrang = paranti nyacar
  • Dekol = paragi ngadek tur bisa di pake nakol
  • Etem = alat paragi dibuat ( ngala Pare)
  • Gacok = alat paragi nugar
  • Gaet = alat paragi ngait nu beurat tur di gagangan
  • Gegendir = alat paragi Neungeul nu beurat
  • Gobang = Saperti bedog tapi panjang
  • Gondewa = paragi mentangkeun jamparing
  • Jara = alat paragi ngaliangan awi
  • jamparing = panah
  • Kikir = alat paragi ngasah ragaji
  • Kored = alat paragi miceunan jukut
  • kujang = pakarang urang sunda baheula
  • Parang = alat paranti ngababad jukut dina galeng
  • Sumpit = alat paranti ngala lauk
  • Sundung = alat paranti ngawadahan Jukut

 

No comments: