BASA KIRATA SUNDA

Urang Sunda mémang beuki heureuy, salian ti beuki sangu jeung lalab téh. Aya hiji deui kabeukina téh, tapi éta mah kabeuki saréréa. Kecap KIRATA singgetan tina 'kira-kira tapi nyata'. Umumna digunakeun pikeun nerangkan asal kecap. Kecap naon wae anu bisa dilelebah dikira-kira, memang teu salawasna pas. Yu geura urang tataan kecap-kecap anu aya kirata basana, lamun kurang sok urang tambahan babarengan:

  • Antapani = Antara Cinta Tapi Euweuh Kawani
  • Bimoli = Bibir Monyong Lima Senti
  • Bohay = Boro-Boro Hayang
  • Bonus = Bosen Nungguan Salaki
  • Buras = Bubur Heuras
  • Calana = Dipancal Salilana
  • Cangkir = Panyangcang Pikir
  • Cileuh = Kecil-Kecil Mani Geuleuh
  • Cipadung = Cita-Cita Papah Hayang Nyandung
  • Dasi = Dina Dada Ngarah Aksi
  • Déwasa = Gedé Wadah Sanguna
  • Diktator = Ngajual Diktat Meuli Motor
  • Doktor = Mondok Di Kantor
  • Dongéng = Ngabobodo Budak Céngéng
  • Doraka = Udar-Ador Di Naraka
  • Dosa = Meledos Teu Karasa
  • Guru = Nu Kudu Digugu Jeung Ditiru
  • Jelema = Merejel Tina Beuteung Ema
  • Jelema = Merejel Ti Ema
  • Korsi = Cokor Di Sisi
  • Lancingan = Dilaan Bisi Kaisingan
  • Narkoba = Nasi Rames Kopi Jeung Bala-Bala
  • Ojeg = Ongkos Ngajegang
  • Pantun = Nu Mawa Papan Bari Ditungtun
  • Pengacara = Pengangguran Loba Acara
  • Porno = Porosot Nolol
  • Sarung = Ngagalasar Kana Irung
  • Sémah = Ngahésékeun Nu Boga Imah
  • Supir = Asup Ti Gigir
  • Sunda = Suka Bercanda
  • Tampolong = Tumpa-Tempo Ka Kolong
  • Tandur = Nataan Bari Mundur
  • Tawadu = Tara Mawa Duit

Anu rada béh dieu, loba kirata anu ramé di kalangan mahasiswa nya éta ngaran-ngaran paguron luhur, diantarana:

  • ITB = Institut Tilas Bung Karno
  • ITB = Institut Tatangga Binatang
  • Unisba = Universitas Sisieun Balubur
  • Unpad = Universitas Pangkalan DAMRI
  • Unpas = Universitas Payuneun Sasak
  • UPI = Universitas Patilasan IKIP
  • UPI = Universitas Padahal IKIP

 Kiwari geus aya deui baé kirata anu kawilang anyar, éta mah dicokotna tina singgetan.

  • ABG = Asa Beuki Gendut
  • ATM = Artos Tina Mesin
  • BBM = Bahan Bakar Mahal
  • BH = Beungkeut Harigu
  • BPKB = Beungeut Polos Kalakuan Buraong
  • CCTV = Camera Cicing Tiluhureun Vanto
  • CLBK = Coba Lamun Boga Kabogoh
  • DO = Dititah Ongkang-ongkang
  • DP = Duit Pamanjer
  • GBHN = Gede Bujur Hese Nangtung
  • GWS = Gering Wae Silaing
  • HP = Haréwos Patebih
  • KO = Kéok Ogé
  • KRD = Karéta Riweuh Diuk
  • LGBT = Lalaki Ganteng Beuki Tutut
  • OTW = Oke Tungguan We
  • OTW = Oh Tungguan Wé
  • PIN = Pribados Identitas Nomer
  • PKK = Pamajikan Kurang-Kerung
  • PO BOX = Dipoyok Dilebox
  • PVC = Pipah Varanti Cai
  • S3 = Saban Saptu Setor
  • SMS = Susuratan Mahi Saeutik
  • SOS = Salametkeun Oge Sadayana
  • STMJ = Semester Tujuh Masih Jomblo
  • STTB = Sakola Tamat Tapi Belegug
  • UAS = Ujian Anu Serieus
  • UTS = Ujian Teu Serieus
  • UUD = Ujung-Ujungna Duit
  • VIP = Venting Ieu Pisan
  • VVIP = Vang Ventingna Ieu Pisan
  • WC = Wayahna Cingogo
  • S = Sereg
  • M = Meujeuhna
  • L = Logor
  • XL = Xacida Logorna

 

 

 

 

 

 

 

No comments: